CANDA

 SeMeSan

Category: Bobodoran Sunda

Pasosore jang Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana aya Ninina keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.

Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.

Imat, "Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?"

Nini, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."

Imat, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"

Nini, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."

Imat, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"

Nini, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."

Imat, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."

Nini, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"

Imat, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bisi kumaha onam..!"

Nini, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"

Mimpi Malam Jum'at

Category: Bobodoran Sunda

Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum'at.

Orang Jawa : "Mas abdi wengi ngimpen

Orang Sunda : "ngimpen naon mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen bobo jeung nu geulis."

Orang Sunda : "Kumaha dina jero impenannana?"

Orang Jawa : "Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh ngimpen deui."

Orang Sunda : "Bari kerung, ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh abdi ngimpen deui"

Orang Sunda : "Ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen ee"

Orang Sunda : "Kumaha tah?"

Orang Jawa : "Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha...."

Budak Boloho

Category: Bobodoran Sunda

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."

2 X 2 = 0

Category: Bobodoran Sunda

Basa dina pelajaran matematika SD,

Guru : "Opat tambah dua sabaraha Nang?"

Unang : "Genep Pa"

Guru : "Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ti?"

Tuti : "Tilu.."

Guru : "Bener... ari dua dikali dua sabaraha Lih?"

Olih (bari luak-lieuk) : "Seep Pa Guru ...."

Guru : "Naha bisa kitu Lih ?"

Olih : "Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we..."

Guru : "??!!"